Mantra Ajian (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Ajian

Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Ajian
www.extapia-sundanese.blogspot.com



بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ

Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Ajian. Sing éling-éling nu namina mantra pastina musyrik tuluy musyrik téh dosa, naha atuh bet dibahas? Da ieu mah kanggé élmu jeung ieu téh kaasup kurikulum sakola.

A. Pengertian Mantra Ajian

Ajian mangrupa mantra anu dipapatkeun kalawan maksud pikeun kakuatan, kabedasan, jsb. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14) ajian mangrupa mantra nu dipakéna pikeun meunang kakuatan pribadi, sangkan jejem, gedé sima, boga pangabaran, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas jeung awét ngora. Kitu deui pikeun meunang karahayuan, pikeun ngajaga lembur, rajakaya, pepelakan, jeung ingon-ingon.
Karéréaana mah ajian téh dipakéna geusan meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya. Tapi aya ogé anu sok dipaké pikeun maksud nandasa nu lian, nya éta ajian-ajian anu sok diparuhit ku tukang teluh. Ieu di handap conto ajian pikeun meunangkeun kakuatan pribadi

B. Ciri-ciri Mantra Ajian

Ciri-ciri Mantra Ajian, nyaéta :
- Isi mantrana barupa Kakuatan-kakuatan
- Isi mantrana biasana téntang jelma-jelma baheula anu dianggap miboga kakuatan sakti
- Biasana ditujukeun kanggé meunang kasaktian

C. Fungsi kagunaan Mantra Ajian

Ajian miboga sawatara watek atawa perbawa. Aya ajian-ajian nu gunana pikeun :
kanuragan (teu teurak ku rurupa pakarang), 
kawedukan atawa kadugalan (kakuatan badan pikeun galungan fisik), 
Kasaktén (leumpang di cai, mecah raga, jsb),  
Panglimunan (teu katingali ku musuh atawa batur), 
Panyirepan (gendam, nyieun batur teu sadar, linglung, saré),
Paneluhan (sangkan batur/musuh gering, cilaka, atawa palastra), 
Pangabaran(meruhkeun, ngadalikeun, atawa ngabendung daya-daya ajian lian), 
Panglumpuhan(meruhkeun daya raga musuh atawa nu maksud jahat), 
Parewangan (meruhkeun lelembut, jin, demit, jsb),  jll.

D. Contoh Mantra Ajian

Contoh Mantra Ajian :


Ajian Ngarah Kuat Badan

Bismillahirrahmanirrahim,
alingan isun maring Gusti nyawa Nira,
di katuhu malaékat Sang Seda Tuhu,
Katuhueun ing manusa.
Alingan isun maring Gusti nyawa nira,
ti kénca malékat Sang Seda Lenyep,
kalenyepan ing manusa.
Alingan isun maring Gusti nyawa sira,
ti handap malaékat seuseup dampal,
malaékat Sang Seda Rasa.
Alingan isun maring Gusti nyawa nira,
ti tukang malaékat banding gorda(garba?)
malaékat Sang Seda Kenyang,
kekehyangan ing manusa.
Alingan isun maring Gusti nyawa nira,
ti hareup malaikat puncering amarah,
tutupi angliputi.
Alingan isun maring Gusti nyawa nira,
ti luhur malaikat Sang Seda Liput,
kaliputan ing manusa
Alingan isun maring Gusti nyawa nira,
ditutup ku ibu, disangga ku rama,
La illaha ilallah Muhammadarrasulullah.



Ajian Sangkan Tohaga

Ieu elmu katimbunan
Badan kuat teu karasa
Duk sakumpul asa kapuk
Duk sarempang asa kapas
Ampulna hampangna
Ku pangaresa Alloh sorangan.
Ajian Halimunan

Les peteng nu peteng
Les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
Asup kana ruas leutik
Awaking Si Raga Ruas

Ajian pikeun kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
Bitis batu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bulu sabadan
Bedas ngala ka aki
Bismillah
(Sumarsono,1983)

Paranti Asup kana Bilik
Les peteng nu peteng
les leungit tandana peteng
Nini Hanatik leutik
asup kana ruas leutik
awaking Si Raga Ruas
(tina Naskah Kumpulan Mantra:29)

Mantra Aji Cakra

Ini Panyukat Aji Cakra
Ku Si Naga Nagini
Sang Manon Sang Matongton
Cupu bahuk udang lulus
Ila-ila ku Sang hyang Waruga Bumi
Ila-ila ku Sang Hyang Waruga Lemah
Satitis Waruga Bumi
Satitis Waruga Lemah
Sang awaking na tutunggul
Megar catang megatkeun apus
Kayu pupug kayu sepug
Kayu ku si balebatan
Kayu ku si Kahuripan
Hurip bayu
Kumeleper buyut agul
Nu neureuy bwana ini
Saha nu kolot sorangan
Basa keur cang keur bungbang
Basa keur lemah.
Langit ngarus Sri Lenggang
Sri maya lenggang
Ngaran lemah caki
Sri Man Sri Wacana
Sri Baduga Maharaja
Sang Ratu Hyang Banaspati
Nu nyahleur di Rancamaya
Ditutug Watubeusi.
Hong hakasa dewakata
Turun bayu ngawisesa awaking
Turun murba ka bwana panca tengah
Ya piyangpi geni,
Ya husipat bwana,
Ya hucaya ning bwana,
Ya husipat langgeng,
Nu ngawisesa di bwana
Sang ratu Libung Gumur
Nu temetes saking Meukah
Nu mungguh saking kidul
Dat muliya sapurna hidattulah
Sang Ratu Kilat Barahma,
Nu temetes saking Meukah
Nu mungguh saking kaler
Twa Darma Makilat
Tumurun saking Meukah,
Nu mungguh saking wetan.
Twa jempi larang,
Tumurun saking Meukah.
Hé Sang Bapa Putih
Sang Baga lumenggang
Rat muta rat mutayu,
Rat saking urip.

Cuplikan Koropak 421
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa & Edi S. Ekadjati, Kiblat – 2006
Disadur ku : Rakean

Ajian Prabu Siliwangi
Sir, aing, Prabu Siliwangi
Cipta aing Nabi Adam
rasa aing Rasulullah
ya Allah, ya Rasulullah
tiba jenengan Prabu Kean Santang Maring Ingsun
kedét aing Ratu Galuh
kiceup aing Prabu Tajimaléla
Itu nu hurung di luhur
éta nu hérang di handap
nu hibar di tengah-tengah
nya aing Sang Ratu Gumala putih
nyatana ti poé kemis
nya aing Sang Ratu Gumala Putih
nyetana di poé jumaah

Tos sakitu anu tiasa ExTapia sampekeun dina ieu artikel, kurang lewihna hapunteun. Upami aya nu butuh Unsur-unsurna, Analisis Unsuran, Kacindekan atanapi nu sanesna eta mah tiasa kuhideup masing-masing atanapi lewatan mun dipiwarang jieun makalah atawa laporan mah. Da ayana dina artikel oge ngan sakieu nya rek kumaha deui. Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Ajian.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Mantra Asihan (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Mantra Singlar (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Mantra Jampe (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)