Mantra Asihan (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi kagunaan, Contoh Mantra Asihan
Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi kagunaan, Contoh Mantra Asihan
www.extapia-sundanese.blogspot.com

بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ


Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Asihan. Sing éling-éling nu namina mantra pastina musyrik tuluy musyrik téh dosa, naha atuh bet dibahas? Da ieu mah kanggé élmu jeung ieu téh kaasup kurikulum sakola.

A. Pengertian Mantra Asihan

Asihan, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan hiji jalma atawa sakumna balaréamikaasih, mikanyaah, deudeuh, héman, cinta, tresna, jste. Asihan dipiwanoh ogé ku sebutan Pélét, sok sanajan dina watek-perbawa élmuna téh béda; Asihan sifatna ‘numuwuhkeun‘  atawa ‘ngageuing‘ rasa, sedeng Pélét sifatna ‘maksa‘ munculna rasa.

Asihan dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu séjén mikaasih ka diri urang. Nurutkeun Rusyana ngaliwatan Nurléla (2008: 14), asihan téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisan tepi ka saréréa pada asih. Matak geus ilahar dina asihan mah sok ditungtungan ku ungkara kayaning; malik welas malik asih ka awaking, atawa sih asih ka awaking, atawa sira welas sira asih ka awaking.

Aya asihan anu maksudna ngararajét haté nu lian, tapi ngararajét di dieu mah maksudna rajét ku bakating asih. Ku parna-parnana asih, nu lian bisa tepi ka teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum. Nepi ka aya asihan nu eusina kieu; “kéjo asa catang bobo, uyah asa akar manjah, cai asa tulak bari, lauk asa bau buruk atawa nu bogoh paboro-boro, nu hayang paheula-heula, nu beuki pagiling-giling, né banyu pagulung-gulung, néatma paheula-heula.

B. Ciri-ciri Mantra Asihan

Ciri-ciri Mantra Asihan nyaéta :
- Ditujukeun kanggé kacintaan jalma atawa héwan ka arurang
- Biasana sifat mantrana maksa (Aya kalawan maksud bakal jadi atawa kudu kitu)
- Biasana kana urusan batin

C. Fungsi Kagunaan Mantra Asihan

Fungsi kagunaan Mantra Asihan nyaeta kangge jalma atawa héwan nu teu reseup atanapi kirang resep ka urang dipaksa jadi resep ka urang. Sing eling-eling nu namina mantra mah musyrik nyesat alias wadul nu kudu dipercaya mah Allah SWT.


D. Contoh Mantra Asihan

Contoh Mantra Asihan :


Asihan si burung pundung
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik wales malik asih ka awaking

Asihan sabeulit bumi
Asihan sabeulit bumi
Asehan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu (....)
Mang kawelas, mang ka asih
Raat asih ka badan awaking.



Tos sakitu anu tiasa ExTapia sampekeun dina ieu artikel semoga bermanfaat kadayana. Upami aya nu butuh Unsur-unsurna, analisis unsuran, kasimpulan atanapi anu sanesna eta mah tiasa kuhideup masing-masing atanapi lewatan weh mun dipiwarang jieun makalah mah. Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Asihan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Mantra Singlar (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Mantra Jampe (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)