Mantra Singlar (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)
Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Singlar
www.extapia-sundanese.blogspot.com بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ |
Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Singlar. Sing éling-éling nu namina mantra pastina musyrik tuluy musyrik téh dosa, naha atuh bet dibahas? Da ieu mah kanggé élmu jeung ieu téh kaasup kurikulum sakola.
A. Pengertian Mantra Singlar
Singlar nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-silemin, jeung sajabana. Numutkeun Rusyana ngaliwatan nurléla (2008: 15) singlar téh mangrupa mantra nu dipakéna pikeun nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakira sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, atawa tina gangguan alam kayaning ti nu guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon jeung pepelakan, jeung kasalametan diri. Singlar dipakéna geusan meunang karahayuan, jadi pikeun tujuan-tujuan anu hadé. Singlar ilahar ogé disebut Parancah atawa Panyarang.
B. Ciri-ciri Mantra Singlar
Ciri-ciri Mantra Ajian, nyaéta :
- Tujuanna kangge ngusir
- Isina aya nu barupa doa-doa
- Biasana ditujukeun ka siluman-siluman
C. Fungsi kagunaan Mantra Singlar
Fungsi kagunaan Mantra Singlar nyaéta kangge nyinglarkeun atawa nyingkahkeun saruping hal-hal anu teu dipikahayang, kasakit, siluman-siluman, sato nu galak, perkara, anu sakirana sok ngaganggu ka manusa. Sing éling-éling nunamina mantra pastina mah musyrik sakirang dina mantra éta aya unsur kaagamaan janten mun kitu mah kaasupna bid’ah, soalna ti zaman Rasulullah SAW teu aya hadist anu nerangkeun mun maca mantra éta bakal nyageurkeun panyakit atanapi sagala rupa panyakit. Mun hoyong ménta kacageuran atawa kaéhatan mah ka gusti Allah SWT lainna maca mantra anu teu puguh-puguh benerna.
D. Contoh Mantra Singlar
Contoh Mantra Singlar :
Singlar Jero Imah
Sang Ratu Lentuk Dawuk ngaran Si Nini Lembur
Sang Ratu Léngko Hérang ngaran buruan Buyut Géhgéran Buyut Dogér ngaran kula Buyut Suksuk Buyut Dungkuk ngaran hawu Buyut Ujaré Lukmanul Hakim. Tamat Singlar Paré Atawa Pepelakan Bisi ku Bagong Ieu duana:
Seri céléng bang céléng Palémbang
geura los geura leumpang ka Sabrang ka Palémbang ka Janggi ka Patani ka Batak ka Tulangbawang ka nu héjo lolopangan ka nu hideung siga nila di dinya kahanan sira. Istan-istan-istan. |
Singlar Nu Jail Kaniaya
Tutup gedong kancing wesi
Dipager ku Sang Rumuhun
Ku Ratu anu ngajajar
Nay Ratu anu ngajejer
Anu ngajajar dina karang
Anu ngajejer dina lawang
Manusa tinggal ngadeg
Singlar Kunti
He kunti anak Lagi apa sira meneng sasoring witing jambé Aja meneng sasoring witing jambé Emok katibani Nyi Darupih Mati si kunti anak urip sing anak-anak
Singlar Jurig
Tapana sakawasana, ieu du’ana:
Bismillaahirrahmaanirrahiim
Kakang kuku adi antu bayina aja lunga-lunga Rnténeun si idep teka tetep teka mantep Mantep ka pangkoning Allah Laa ilaha ilallah
Parkutut si ratu putih
Sang Siwala tunggal tek meneng Teka mantep mantep pangkoning Allah Laa ilaha ilallah Muhammad Rasuulullah. |
Tos sakitu anu tiasa ExTapia sampekeun, kurang lewihna hapunteun. Upami aya nu butuh Unsur, Analisis Unsuran, Kasimpulan atanapi nu sanesna eta na mah tiasa kuhideup masing-masing atanapi lewatan mun dipiwarang jieun makalah mah. Da ayana didieu oge ngan sakieu nya rek kumaha deui. Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Singlar.
Komentar
Posting Komentar