Mantra Jampe (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)
Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi kagunaan, Contoh Mantra Jampe
![]() |
www.extapia.com |
بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيمِ
Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Jampe. Sing éling-éling nu namina mantra pastina musyrik tuluy musyrik téh dosa, naha atuh bet dibahas? Da ieu mah kanggé élmu jeung ieu téh kaasup kurikulum sakola.
A. Pengertian Mantra Jampé
Mantra Jampé nyaéta Mantra anu biasana dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan, sangkan cageur. Upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun. (Rusyana, 1970)
Conto-contona di antarana :
- Jampé Asup Angin
- Jampé Ateul
- Jampé Barusuh
- Jampé Budak nu sok ceurik waé
- Jampé Harééng
- Jampé Jangar
- Jampé Kembung
- Jampé Konéng
- Jampé Muriang
- Jampe Nyeri Huntu
- Jampé Pamatri
- Jampé Salusuh (ngubaran nu tarik birahi)
- Jampé Sawan
- Jampé Seueul Angen
- Jampé Siwah, jst.
B. Ciri-ciri Mantra Jampé
Ciri-ciri Mantra Jampé nyaéta :
- Biasana isina barupa doa-doa
- Tujuanna kangge ngubaran panyakit
- Aya unsur ménta kaséhatan
C. Fungsi Kagunaan Mantra Jampé
Fungsi kagunaan Mantra Jampé nyaéta pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit rek naon waé panyakitna. Sing éling-éling nunamina mantra pastina mah musyrik sakirang dina mantra éta aya unsur kaagamaan jeung mun kitu mah kaasupna bid’ah, soalna ti zaman Rasulullah SAW teu aya hadist anu nerangkeun mun maca mantra éta bakal nyageurkeun panyakit atanapi sagala rupa panyakit. Mun hoyong ménta kacageuran atawa kaéhatan mah ka gusti Allah SWT lainna maca mantra anu teu puguh-puguh benerna.
D. Contoh Mantra Jampé
Contoh Mantra Jampé :
Jampé Budak Nu Sok Ceurik Waé
Baca baé kieu du’ana tujuh kali:
Nyi Ara-ara Nyi Iri-iri
ulah sok jail ka adi tuh da sia bawa ngajadi cep meneng si jabang bayi Jampé Budak Barusuh Nawana kana daun tiwu jeung seureuh sarta tuluy diungkunkeun kana sungutna.
Bismillahirrohmanirrohim
Nini Ureb-ureb Aki Ureb-ureb ulah ngurey-ngurey Si Utun Si Inji ngureb-ngureb catang bobo ditawa ku Sang Bayu Putih rep sirep
Jampé Sagala Rupa Panyakit
Tapana tujuh Senén tujuh Kemis.
Kanggo Malaikat Jabrail kang nambani
rasulullah kang amarasaken Allahu Lailahaillallah Muhammad Rasulullah |
Jampé Kuris Ateul
Sang Kuris Putih nu ngancik di tulang putih,
Sang Kuris Baruang Putih nu ngancik di daging putih Sang Kuris Hantu Putih nu ngancik di getih putih Sang Kuris Teluh Putih nu ngancik di otot putih har tesa daku putih Sang Kuris Kuman Putih nu ngancik di kulit putih har tesa daku pada putih
Jampé Kuris Nyeri
Bismillahirrohmanirrohim.
Aki Tumenggung Linggung Gentong andir ka gunung Ujung Kaluhan datang ujar raka sieun ku lantung bagus kalintung Bagus Karang pangrawatan sudalkeun sakaleuweuk satoong sadepong Puhaci Buyut Bumi Puhaci Kalintung Henung ngaran Sang Buadi leuleus liher |
Tos sakitu anu tiasa ExTapia sampekeun, kurang lewihna hapunteun. Upami aya nu butuh Unsur, Analisis Unsuran, Kasimpulan atanapi nu sanesna eta na mah tiasa kuhideup masing-masing atanapi lewatan mun dipiwarang jieun makalah mah. Da ayana didieu oge ngan sakieu nya rek kumaha deui. Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh Mantra Jampe.
Komentar
Posting Komentar