Mantra Rajah (Pengertian, Ciri-ciri, Macam-macam Fungsi kagunaan, Contoh)

Pengertian, Ciri-ciri, Macam-macam, Fungsi kagunaan, Contoh Mantra Rajah

Pengertian, Ciri-ciri, Macam-macam, Fungsi kagunaan, Contoh Mantra Rajah
www.extapia-sundanese.blogspot.com


بِسۡمِ ٱللَّهِ ٱلرَّحۡمَٰنِ ٱلرَّحِيم


Pengertian, Ciri-ciri, Macam-macam, Fungsi kagunaan Contoh Mantra Rajah. Saacanna arurang kudu nyaho nu namina mantra pastina musyrik tapi naha atuh bet dibahas? Nya da ieu mah salah sahiji dinu kurikulum pelajaran sakola tapi kanggé anu badé terang mantra ogénya teu nanaon, intina mah kangge elmu iéu téh. Tapi upami dipraktekkeun nya musyrik, mun musyrik nya pasti dosa ka urangna.

A. Pengertian Mantra Rajah

Rajah nyaéta sarupa mantra, jampé atawa jangjawokan anu dipaké pikeun nalukkeun para lelembut para siluman-silemin, ngaruat jeung sabangsana. Masarakat Sunda umumna apal jeung wawuh kanu ngaranna rajah. Pikeun kuring, tacan apal sabenerna mah iraha rajah diayakeun atawa ku saha mimiti dijieunna. Sabab lamun nilik tina basana, rajah ngandung silib jeung siloka anu loba pisan lenyepaneunna. Ieu jadi ciri mandiri jeung nandakeun yén para pujangga nu mimiti nyieun rajah téh lain jalma samanéa. Kitu deui tina rupa (macemna) basa dina rajah méh sarua atawa mirip hal ieu jadi ciri mandiri nu kadua tina rajah.

B. Ciri-ciri Mantra Rajah

Ciri-ciri rajah téh aya 4 :
- Biasana barupa Pantun
- Bacaanna siga mantra
- Dibaca ku logat pantun
- Carita-carita baheula

C. Macam-macam Mantra Rajah

Saupama dina carita pantun mah, rajah téh dibagi dua rupa nyaéta :
      1)     Rajah pamuka
      2)  Rajah panutup, atawa pamunah.

Saméméh prung ngaguar carita pantun, juru pantun macakeun rajah pamuka dipirig kacapi. Eusina mangrupa sanduk-sanduk papalaku atawa sasadu ka karuhun anu rék dilalakonkeun, amit-amit tur ménta neneda kanu kawasa sangkan salamet boh juru pantunna boh nu ngadangukeunna, sabab sahenteuna rék nyukcruk galur nu kapungkur ngaguar carita buhun.

Dina prakna rajah pamuka di tiap maca pantun tara sarua. Gumantung kana patempatan jeung kana carita karuhunna atawa para lelembut nu dipercaya ngageugeuh éta patempatan.

Dina pada ka hiji, biasana bari mimitian ngalalakonkeun carita buhun paédahna rajah pikeun ngeuyeuban sangkan leuwih ramé. Pada ka dua, biasana dieusian ku sanduk-sanduk papalaku jeung ménta panangtayungan waktu keur mantun. Dina pada ka tilu, eusina nyaritakeun yén juru pantun mantun téh sumber carita jeung lalakonna ti Kahyangan.

Sabada pantun rapih juru pantun macakeun deui rajah panutup (pamunah). Eusina ménta hampura ka karuhun, kanu maha agung jeung ka para pujangga (nu nyieun pantun) bisi aya kasalahan salila mantun. Basana “Lastari anu di pamrih.”

Sedengkeun rajah dina acara-acara biasana cukup ku sakali waé dina ngamimitian. Rajah pagelaran biasana saluyu jeung acara anu rék digelar. Contona dina acara Gelar Boéh Larang disebutna Rajah Gelar Boéh Larang, Rajah Merlawu, jst. Aya ogé rajah tempat upamana di Kertabumi disebut Rajah Kertabumi. Jrd.

D. Fungsi kagunaan Mantra Rajah

Rajah digunakeun dina acara maca pantun, upacara adat, samodél upacara kawinan, gusaran atawa sunatan urang Sunda.
Najan rajah identikna kana jangjawokan atawa mantra Sunda Wiwitan, tapi urang ulah cudikan sok komo salah guna jeung salah harti. Sabab rajah salah sahiji banda budaya urang nu wajib dipupusti. Rajah di jaman kiwari urang diarahkeun kana hal-hal anu hadé tur aya patalina jeung kataohidan ka Allah SWT. Hayu urang pada-pada riksa. Mudah-mudahan aya mangpaatna malah mandar seni budaya jeung agama bisa babarengan kalayan teu pacorok fungsi.

E. Contoh Mantra Rajah


Conto Rajah Pamuka Pantun :
Tina : Carita Pantun Lutung Kasarung

Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dewata neda suka,
ka Pohaci neda suci,
kuring rek diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina terus narutus,
palias narajang alas,
palias terus narutus,
........................................................
........................................................
Cag
Teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.


Conto Rajah Pamunah (Panutup Pantun)
Tina : Carita Pantun Mundinglaya di Kusumah

Ambuing Rajah pamunah
Aki ing Rajah pamunah
Sang kala wisesa
Rat jagat wawayangan
Tes ngenclang titisan kai amarah
Oray laki Brahma metu datang ti kulon
Mugi pulang ka kulon
Oray Brahma ti kaler pulang ka kaler
ti Wetanna pulang ka wetan
Sing ratu Ulang-aling ka luhur
Pamungkes Rjah Pamunah
Nu kudu diinget anu ngabedakeun mantra rajah atanapi mantra sareung mantra sanesna pastina dina fungsi kagunaan. Contoh mantra rajah seer keneh sabenerna mah ngan tos weh 2 eta cekap upami nu sanesna mah tiasa milarian dina blog atanapi web lain. Tos sakitu dina ieu artikel Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi kagunaan Contoh Mantra Rajah. Kangge mantra nu sanesna tiasa di search di luhur kanan blog ExTapia ieu atawa di google.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Mantra Asihan (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Mantra Singlar (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)

Mantra Jampe (Pengertian, Ciri-ciri, Fungsi Kagunaan, Contoh)